CARA MILIH DPRD

Jumat, 21 Februari 2014

Ku: Memet S
Ketua UPK PNPM-MP Kec. Kadipaten
Pengurus Bid. Pemberdayaan Masyarakat KNPI Kec. Kadipaten

Lamun tea mah masyarakat sakacamatan ngalarti kabeh kana status anggota dewan/DPR, bakal lalugina tah pangwangunan di kacamatan eta.
Kieu, geura lalenyepan sing tenget !
DPR teh aslina utusan jeung wawakil (legislasi) masyarakat ti "dapil" na masing-masing. Kusabab kitu asa teu payus mun warga hiji kacamatan milih jalma lian nu lain urang kacamatan eta. Komo deui milih urang jauh nu ngadompleng alamat di dinya, ku karep manehna atawa karep partai nu ngeukeupannana.

Nu lempeng mah kieu geura:
1. Sakumna masyrakat sa kacamatan (diwakilan ku para tokoh-tokohna) ngariung ngayakeun Musyawarah Antar Desa dina raraga nangtukeun saha pijalmaeunnana nu pituin urang dinya nu pantes jadi wawakil masyarakat kacamatan eta di Lembaga Legislatif Kabupaten.
2. Saban calon nu kapilih ku masyarakat (mis. Aya lima urang) undang deui dina MAD nu ka-2, tanya raga katineungna (fit and propert tes), rek kumaha rengkak-paripolahna  mun tea mah engke geus diuk dina korsi legislatif, jsb.
Pilih duaan we atawa saurang (cocokkeun jeung quota kursi jatah DAPIL dimana kacamatan eta aya). Tong teuing nempo ti partai mana tokoh nu kapilih teh, sarua bae. Tunda heula kaadigungan partai mah demi pangwangunan wilayah.
3. Kaputusan hasil MAD eta bewarakeun ka masyarakat sa kecamatan ku camat ka para kades, terus ka para punduh, terus ka para ketua RT rehna nu kudu diparilih teh si "A" pituin urang dieu hasil musyawarah.

Lamun pola kieu geus bisa jeung biasa dilaksanakeun, mangka hasilna:
1. Si "A" pasti bakal 'jadi' sabab jumlah sora nu milih loba kilangbara leuwihan (ku sakacamatan)
2. Si "A" sanggeusna diuk dina korsi dewan legislatif moal ngarasa adigung individualis da rumasa dipilih ku warga lain "meuli sora" warga.
3. Sagala pasilitas anggaran pangwangunan sabangsaning Dana Aspirasi jeung Hibah, moal bireuk pasti gubragna ka kacamatan urang.
4. Disatengahing perjalanan tugas manehna, urang salaku warga nu milih bakal lugina nalingakeun kinerja manehna, da statusna "babu" urang. Mun tea mah manggih nu salah, kari parapatahan jeung bejaan. Lamun mantanggul tinggal cabut mandatna ku nyieun surat ka KPU jeung ka Partai sacara resmi, tong ningguan 5 taun.


Wilujeng marilih we.....

0 komentar :

Posting Komentar

 
WARTA DESA © 2011 | Designed by RumahDijual , in collaboration with Online Casino , Uncharted 3 and MW3 Forum